PURWAKARTA | RadarNusaNews.Com – Semangat silih asih, silih asah, silih asuh, jeung silih asami terus dipintonkeun ku warga Desa Wanasari, Kecamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta, dina raraga ngamumule budaya Sunda.
Kagiatan “Maung Mapag Mangsa Jaya” jadi gambaran kuatna rasa kebersamaan warga. Rupa-rupa lapisan masarakat ngahiji sacara sabilulungan, silih rojong jeung ngabahu-bahu pikeun ngajaga budaya sarta kahirupan sosial di lembur.
Kepala Desa Wanasari, Zaenal Mustopa, ngadukung sumanget kabersamaan warga dina ngamumule budaya Sunda jeung ngajaga kearifan lokal anu geus jadi bagian tina jati diri masarakat.
Maung anu dijadikeun perlambang dina kagiatan ieu ngagambarkeun kakuatan, kawani jeung sumanget pangeusi Desa Wanasari dina nyanghareupan mangsa ka hareup.
Ngaliwatan semangat gotong royong, warga miharep sora katut darajat lembur bisa terus nanjeur di luhur, bari budaya Sunda tetep hirup tur diwariskeun ka generasi saterusna.
“Maung Mapag Mangsa Jaya” lain saukur kagiatan budaya, tapi jadi simbol yén warga Wanasari bisa ngahiji, sauyunan jeung babarengan ngawangun lembur anu leuwih maju, kompak, sarta miboga jati diri.
Kalayan sumanget sabilulungan, Desa Wanasari terus ngajaga nilai-nilai budaya jeung kearifan lokal minangka bagian penting tina identitas masarakat Sunda di Kecamatan Wanayasa, Kabupaten Purwakarta.( Red )
Maung Mapag Mangsa Jaya, Warga Desa Wanasari Sabilulungan Ngamumule Budaya Sunda
[td_block_social_counter facebook="tagdiv" twitter="tagdivofficial" youtube="tagdiv" style="style8 td-social-boxed td-social-font-icons" tdc_css="eyJhbGwiOnsibWFyZ2luLWJvdHRvbSI6IjM4IiwiZGlzcGxheSI6IiJ9LCJwb3J0cmFpdCI6eyJtYXJnaW4tYm90dG9tIjoiMzAiLCJkaXNwbGF5IjoiIn0sInBvcnRyYWl0X21heF93aWR0aCI6MTAxOCwicG9ydHJhaXRfbWluX3dpZHRoIjo3Njh9" custom_title="Ikuti Kami" block_template_id="td_block_template_8" f_header_font_family="712" f_header_font_transform="uppercase" f_header_font_weight="500" f_header_font_size="17" border_color="#dd3333"]





